Bangbang kalimalima gobang bang
Bangkong ditengah sawah wah
Wahai tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe diajar jar
Jarum paranti ngaput put
Putri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Tahun lima hiji ji
Haji rek ka mekah kah
Kahar tujuh rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter ter
Terus ka citapen pen
Penna gagang kalem lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Tidak ada komentar:
Posting Komentar